Mégawati Soekarnoputri, “Unpad Ngatik Simkuring Jadi Politisi”

[Unpad.ac.id, 25/05/2016] Hakékat politik anu sajati nya éta ngawangun peradaban anu miang tina kanyataan hirup rahayat. Patani téh gambaran nyata kaum cacah anu sakuduna leuwih réa meunang hak-hak politik keur maranéhna. Kasadaran ieu medal nalika Hj. Mégawati Soekarnoputri kuliah di Universitas Padjadjaran ti taun 1965-1967.

Hj. Mégawati Soekarnoputri medar orasi ilmiah basa dilélér gelar Doktor Honoris Causa di Grha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jln. Dipati Ukur 35 Bandung, Rebo (25/05). (Foto kénging: Dadan T.)*

Hj. Mégawati Soekarnoputri medar orasi ilmiah basa dilélér gelar Doktor Honoris Causa di Grha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jln. Dipati Ukur 35 Bandung, Rebo (25/05). (Foto kénging: Dadan T.)*

Eta hal didadarkeun ku Mégawati Soekarnoputri dina Orasi Ilmiah anu judulna “Bernegara dengan Satu Keyakinan Ideologi” basa dilélér gelar Doktor Honoris Causa dina Widang Politik jeung Pamaréntahan ti Universitas Padjadjaran di Grha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jln. Dipati Ukur 35 Bandung, Rebo (25/05). Upacara ngalélérkeun gelar Doktor Honoris Causa ieu dibuka ku Réktor Unpad, Prof. Tri Hanggono Achmad.

“Pamustunganana, lain ngan Elmu Pertanian anu kacangking ku simkuring. Di kampus ieu ogé méntal simkuring digodog pikeun ngarti jeung tanggoh kana kayakinan jeung idéologi, dina harti nu saenyana. Kajadian anu karandapan ku simkuring di kampus ieu anu ngatik simkuring jadi politisi sarta milih pikeun terus ngokolakeun rahayat dina jalan kapartéyan,” ceuk Mégawati.

Salian ti éta, dina orasi ilmiahna Mégawati meupeujeuhan ka nu ngarora supaya ulah nganggap sajarah saperti barang bubututan. Sajarah, ceuk Mégawati, nya éta pependeman anu gedé ajénna. Ngulik sajarah téh lain dina harti nginget-nginget kajadian atawa runtuyan sajarah. Diajar sajarah téh ngarti kana pamikiran, ajén, kayakinan, jeung sakumna kahirupan anu aya dina kajadian penting dina mangsa katukang dumasar kana bebeneran sajarah. Mégawati ogé nepikeun sababaraha hal anu disebut minangka “pertanggungjawaban sejarah” kana rupa-rupa pasualan penting basa nyepeng kalungguhan présidén.

Kahiji, naha enya Sipadan – Ligitan téh leupas kitu waé basa Mégawati jadi Présidén? Sabenerna, Sipadan – Ligitan lain wilayah Indonésia lamun dumasar kana UU Nomer 4/Perppu/1960 ngeunaan Negara Kepulauan. Tapi ogé lain wilayah Malaysia nepi ka diparebutkeun ku rupa-rupa arguméntasi.

“Bukti sajarah anu ditarima Mahkamah Internasional nya éta dokumén ti pihak Malaysia anu ngabuktikeun yén Inggris, nagara anu ngajajah Malaysia jeung jadi bagian tina commonwealth, pangheulana asup ka Sipadan – Ligitan nu dibuktikeun ku ayana munara lantéra jeung konsérvasi penyu. Putusan ieu ditetepkeun taun 2002 basa simkuring jadi présidén,” ceuk Mégawati.

Kadua, ngeunaan Pulo Nipah anu tapel wates jeung Singapura. Kiwari Pulo Nipah geus méh karem lantaran keusikna ku Singapura. Lamun éta pulo karem jeung leungit wilayah Singapura bakal tambah ngalegaan. “Simkuring anu maréntahkeun supaya éta pulo disaeur deui,” ceuk Mégawati.

Katilu, proyék LNG Tangguh antara Indonesia dengan Tiongkok. Jaman harita, teu aya hiji ogé nagara anu meuli gas Indonésia. Lain ngan Indonésia anu katarajang krisis, tapi dunya ogé ngalaman résési. Indonésia ogé harita kudu bersaing jeung Rusia jeung Australia anu natangga jeung Tiongkok sarta ngararancang ngawangun pipah gas ka nagarana.

“Simkuring mutuskeun pikeun ngayakeun lobby diplomatik ‘Lénso Bengawan Solo’ langsung jeung Présidén Tiongkok, Jiang Zemin. Akhirna, Tiongkok ngabolaykeun gawé bareng jeung Rusia katut Australia, sarta milih gawé bareng jeung Indonésia,” ceuk Mégawati.

Catetan sajarah séjénna, ceuk Mvgawati, keur disusun ku para mentri Kabinét Gotong Royong. Mégawati hayang nandeskeun deui pentingna sajarah pikeun kahirupan bangsa ieu kahareupna, utamana putusan-putusan politik pikeun ngokolakeun pamaréntahan jeung nagara.

Gelar Doktor Honoris Causa ka Mégawati Soekarnoputri ieu diasongkeun ku Tim Promotor Prof.Dr.H. Obsatar Sinaga, MSi (Pupuhu), Prof. H. Oekan S. Abdoellah, MA., PhD (Anggota) jeung Dr. Arry Bainus, MA (Anggota). Dina pertanggungjawaban akadémikna, tim promotor nétélakeun runtuyan gagasan anu kungsi ditepikeun ku Mégawati ngaliwatan pidato jeung pernyataan politikna ti mimiti tug nepi ka jadi pertimbangan yén Mégawati layak narima Doktor Honoris Causa dina Widang Politik jeung Pamaréntahan.

Upacara ngalélér gelar Doktor Honoris Causa ka Mégawati Soekarnoputri diluuhan ku Wakil Présidén RI, Jusuf Kalla, Wakil Présidén RI periode 1983-1998 Try Sutrisno, Wakil Présidén RI periode 2009-2014 Prof. Boediono, para Guru Besar Tamu, Pupuhu Majelis Wali Amanat Unpad Rudiantara, Mentri Riset, Téknologi, jeung Pendidikan Tinggi M. Nasir sarta sajumlah mentri Kabinét Kerja, sajumlah mentri Kabinét Gotong Royong, Gubernur Jawa Barat Ahmad Héryawan, Gubernur Banten Rano Karno, Gubernur Jawa Tengah Ganjar Pranowo, Wali Kota Bandung Ridwan Kamil, sajumlah pingpinan daerah, pangurus PDI Perjuangan, anggota DPR jeung DPRD, sarta sajumlah inohong nasional séjénna.

Saméméh narima gelar Doktor Honoris Causa ti Unpad, Mégawati ogé kungsi narima gelar Doktor Honoris Causa widang Hukum ti Waséda University Tokyo Jepang (2001), widang Politik ti Moscow State Institute of International Relations Rusia (2003), jeung widang Politik ti Korea Maritime and Ocean University  Koréa Selatan (2015).

Jusuf Kalla dina pangbagéana nyebutkeun, narima gelar Doktor sacara akadémis lain hal anu gampang. Tapi narima gelar Doktor Honoris Causa téh leuwih hésé lantaran perlu waktu puluhan tahun pikeun ngabuktikeun yén anu dipikirkeun jeung dipigawéna téh bener.

“Tah, nya ku Dr. Mégawati dina poé ieu. Puluhan taun anjeunna jadi politisi, mingpin PDIP jeung rupa-rupa tantangan,  ngarebut pinunjul nasional dua kali minangka oposisi, jadi Wakil Présidén jeung Présidén, éta kabéh préstasi anu pantes pikeun dilélér kahormatan ieu,” ceuk Jusuf Kalla. *

Warta ti: Erman