Panglima TNI, Jéndral Gatot Nurmantyo “Teu Bisa Sakarep-karep di Indonésia mah, Kudu Luyu jeung Aturan”

[Unpad.ac.id, 23/11/2016] Panglima TNI, Jénderal Gatot Nurmantyo, cumeluk ka sakumna masarakat, kaasup mahasiswa supaya sabilulungan, bajoang, jeung gotong royong supaya Nagara Kesatuan Republik Indonésia (NKRI) henteu baruntak. Komo deui beuki dieu téh réa pisan ancaman ti luar keur ngaruntagkeun kahirupan bangsa jeung nagara urang.

Panglima TNI, Jénderal Gatot Nurmantyo, panyatur konci dina Seminar Nasional “Peningkatan Ketahanan Bangsa untuk Menjaga Keutuhan NKRI” di Grha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jln. Dipati Ukur No. 35 Bandung, Rebo (23/11). (Potrét kénging: Dadan T.)*

Panglima TNI, Jénderal Gatot Nurmantyo, panyatur konci dina Seminar Nasional “Peningkatan Ketahanan Bangsa untuk Menjaga Keutuhan NKRI” di Grha Sanusi Hardjadinata Unpad, Jln. Dipati Ukur No. 35 Bandung, Rebo (23/11). (Potrét kénging: Dadan T.)*

“Simkuring peupeujeuh, mahasiswa téh pameungkeut bangsa,” cék Gatot anu jadi panyatur konci dina Seminar Nasional “Peningkatan Ketahanan Bangsa untuk Menjaga Keutuhan NKRI” di Grha Sanusi Hardjadinata Universitas Padjadjaran, Jln. Dipati Ukur No. 35 Bandung, Rebo (23/11). Acara ieu diayakeun ku Fakultas Psikologi Unpad gawé bareng jeung Dinas Psikologi Angkatan Darat pikeun miéling Dies Natalis Fakultas Psikologi Unpad.

Gatot nuluykeun, ketakna mahasiswa dina ngahijikeun bangsa geus katémbong ti jaman perjoangan kamerdikaan baheula, diantarana basa ngikrarkeun Sumpah Pemuda. Pon kitu deui dina merjoangkeun réformasi, mahasiswa téh gedé pisan jasana. Ku kituna, mahasiswa wajib nganyahokeun kana rupa-rupa tangtangan jeung ancaman bangsa kiwari.

Ka sakur nu milu seminar, Gatot ogé medar pirang-pirang tangtangan jeung ancaman dina mangsa ayeuna. Diantarana nya éta ancaman térorisme, ancaman narkoba, persaingan ékonomi, jeung tangtangan bonus démografi.

Gatot nétélakeun, pirang-pirang pténsi jeung kabeungharan alam nu aya di Indonésia bisa ngahudang kasirik nagara deungeun bari ngageremet hayang ngaranjah. Kadieunakeun aya ancaaman ti luar nu rék ngabagi-bagi wilayah NKRI. Ku kituna, perlu tarékah ti masarakat supaya babarengan ngajaga persatuan. Sumanget bajoang jeung gotong royong téh geus jadi ciri bangsa urang ti jaman perjoangan kamerdikaan anu kudu terus dimumulé.

Gatot ogé ngélingan yén Bhinnéka Tunggal Ika téh pameungkeut kakuatan Indonésia. Nya ieu pisan anu ayeuna keur dikeureuyeuh direcah ku pihak luar, kaasup ku cara ngadudombakeun masarakat Indonésia ngaliwatan rupa-rupa kamandang anu matak nyasarkeun balaréa.

Numutkeun Gatot, Indonésia téh beunghar ku poténsi, kakuatan, jeung kaunggulan anu luar biasa. Kahéngkéranana, réa masarakat anu ieu aing leuwih ti batur bari leuwih mentingkeun kapentingan pribadi atawa golongan. Kahéngkér ieu anu ngagamppangkeun pihak luar pikeun ngaruntagkeun bangsa urang.

“Indonésia nu kuring, Indonésia nu anjeun, Indonésia téh nu urang saréréa. Jadi ulah ngan nyebutkeun nu kuring wungkul, tapi kudu inget Indonésia ogé nu aranjeun, tapi sing inget Indonésia ogé anu urang saréréa. Teu bisa sakarep-karep di Indonésia mah. Kudu luyu jeung aturan, pasini/konsénsus urang saréréa. Tah éta téh Bhinnéka Tunggal Ika nu saenyana,” cék Gatot.

Gatot ogé nyutat kasauran Présiden Munggaran RI, Soekarno nyebutkeun yén perjoangan téh bakal leuwih hésé lamun ngalawan bangsa sorangan. “Tah urang téh ayeuna keur ngarandapan éta. Ku kituna geura jauhan nu ngajerum, jauhan provokasi, jauhan adu domba,” cék Gatot.

Dina acara ieu, Réktor Unpad, Prof. Tri Hanggono Achmad nyebutkeun yén geus jadi kapengkuhan jeung tanggung jawab Unpad pikeun babarengan jeung masarakat ngawangun bangsa, supaya ieu bangsa bisa terus maju, bersaing jeung bangsa-bangsa séjénna. Hal ieu kacatet dina rumpaka Hymne Unpad, nya éta Unpad téh insan abdi masyarakat pembina nusa bangsa.

“Pikeun warga Universitas Padjadjaran mah tarékah ngajaga NKRI téh geus jadi bagian tina kahirupan. Ku lantara kitu, dina waktu urang nyanyi Hymne Unpad, dina haté jeung jiwa warga Universitas Padjadjaran, aya harti anu kuat yén urang téh insan abdi masarakat pembina nusa bangsa,” saur Réktor.*

Warta ti: Artanti Héndriyana / eh