Dr. Andri Abdurochman, S.Si., M.T., “Galindengna Ayat Al-Quran Matak Ningtrimkeun kana Jiwa”

[Unpad.ac.id, 3/03/2016] Sora téh lain ngan sakadar sada anu bijil tina hiji waditra. Dina élmu Fisika, sora téh gelombang mékanik anu ngarambat dina hawa. Nya ieu pisan anu jadi salah sahiji panalungtikan Dr. Andri Abdurochman, S.Si., M.T., Dosén Departemén Fisika Fakultas Matematika jeung Ilmu Pengetahuan Alam (FMIPA) Unpad.

Dr. Andri Abdurochman, S.Si., M.T. (Foto kénging: Dadan T.)*

Dr. Andri Abdurochman, S.Si., M.T. (Foto kénging: Dadan T.)*

Dina panalungtikanana, Dr. Andri saparakanca ti Laboratorium Fisika Instruméntasi (nu baréto Instruméntasi Eléktronika) ngayakeun idéntifikasi émosi manusa dumasar kana sora nu diucapkeunana ti taun 2006. Panalungtikan anu mangrupa research grant Technological and Professional Skill Pevelopment sector project (TPSDP) Dikti ieu ogé dimangpaatkeun pikeun nangtukeun kumaha ngabédakeun sora jelema nu diucapkeun sajalantrahna jeung sora nu diucapkeun dina hiji peran (acting).

Ku cara ngumpulkeun sababaraha conto sora ti sababaraha jalma, Dr. Andri saparakanca ngayakeun ékstraksi pikeun nyokot paraméter-paraméter sorana. Paraméter-paraméter ieu tuluy dipaké pikeun nangtukeun kumaha émosina hiji jalma dumasar kana sora anu diucapkeunana.

Dr. Andri mimitina ngarékam sora jalma anu teu maké émosi, minanghka dadasarnabaseline. Hal ieu pikeun nangtukeun kumaha paraméter-paraméter sora anu teu maké émosi téa. Satuluyna, dibantuan ku sababaraha urang mahasiswa Fisika, Dr. Andri ogé ngarekam sora jalma anu keur ambek, sedih, jeung seuri.

“Simkuring saparakanca ngahaja ngahudang jalma supaya ambek jeung nyarita. Tuluy direkam, diékstraksi, anu ahirna bisa kanyahoan kumaha distribusi paraméter sora jalma anu ambek. Nya ieu anu jadi databasena,” ceuk Dr. Andri basa diwawancara ku Humas Unpad anyar-anyar ieu.

Sanggeus boga databasena, Dr. Andri jeung timna nvangan conto kadua ku cara ngarekam sora sababaraha aktor peran tina sababaraha film. Anu direkamna nya éta sora aktor anu keur midangkeun akting ambek, sedih, jeung seuri. Eta sora tuluy diékstraksi jeung ditangtukeun paraméter sorana.

Prosés ékstraksi anu ieu dipaké pikeun nangtukeun lentong jeung frékuénsi sorana. Dr. Andri nétélakeun, frékuénsi sora manusia biasana ngan nepi ka 5 oktaf. Unggal oktaf baroga range-na sorangan.

“Lamun jelema ambek, oktaf dina sora bakal naék, tapi paling luhur ngan tepi ka 5 oktaf,” ceuk dosén anu lahir di Bandung, 26 Méi 1974 téh.

Lengkah satuluyna, Dr. Andri ngabandingkeun dua paraméter sora tina conto kahiji jeung sampel kadua ngaliwatan software anu dijieun di laboratoriumna. “Lamun urang nyieun software jeung diprogram pikeun nganyahokeun sora acting atawa biasa, Software ieu ampir 90% bisa nganyahokeun naha éta sota téh acting atawa sora biasa,” ceuk Dr. Andri.

Salian ti bisa nganyahoankeun émosi, Dr. Andri ogé ngarasa kataji pikeun ngaguar éfék gelombang sora dina awak manusa. Dina taun 2007, Dr. Andri ngabandingkeun galindengna (murattal) Kitab Suci Al-Quran kana musik klasik jeung musik terapi riléksasi pikeun terapi ngurangan strés.

“Panalungtikan ieu némbongkeun, galindengna ayat Al-Quran téh mibanda tingkat riléksasi annu panghadéna dibandingkeun jeung musik klasik atawa musik riléksasi séjénna,” ceuk Dr. Andri.

Hal ieu dibuktikeun dina panalungtikan taun 2010 nu diterapkeun ka sababaraha urang naracoba barudak jeung rumaja sakola (SD, SMP jeung SMA) ti sababaraha Yayasan di Désa Ciluncat, Kacamatan Cangkuang. Pikeun sababaraha waktu, barudak ieu disina ngadéngékeun musik anu matak ngahudang strés. Dr. Andri ogé ngarekam uteuk barudak pikeun nganyahokeun kumaha frékuénsi gelombang uteuk anu timbul tina pangaruh musik anu ngahudang strés téa.

satuluyna barudak téh dibéré térapi ku ngabandungan galindengna ayat Al-Quran salila tilu bulan. Ti dinya disina ngadéngékeun deui musik anu ngahudang strés. Hasilna némbongkeun yén daya tahan barudak kana strés dina tahap kadua leuwih kuat tibatan basa ngadéngékeun musik dina tahapan kahiji, dumasar kana rekaman gelombang uteukna.

“Budak anu geus dibéré galindeng (terapi) Al-Quran bakal leuwih tengtrem jiwana sarta leuwih tahan nyanghareupan strés,” kitu kacindekan Dr. Andri.

Ari bacaan Al-Quran anu dipakéna mangrupa kumpulan ayat-ayat anu ngandung kekecapan anu sarua. Dr. Andri ngaguar kecap-kecap dina Al-Quran anu ngandung makna positif tuluy ngumpulkeun bacaan (murattal) ayat-ayat ieu.

Lulusan program Doktor di Université de Strasbourg, Perancis ieu ngajéntrékeun, éfék ieu timbul lantaran relaksivitas anu dihasilkeun sabada ngabandungan éta bacaan. Ieu téh lantaran dina unggal sél uteuk manusa aya frékuénsi alamiahna séwang-séwangan. Dina waktu uteuk narima rangsangan mangrupa sora, lamun spéktrum frékuénsi sorana ngabanding lurus jeung frékuénsi alamiah sél, éta sél-sél téh bakal milu disada.

“Dina waktu disada, éta sél bisa hirup atawa méré sinyal kana kelenjar dina awak pikeun ngaluarkeun hormon, lantaran kelenjar kaséhatan ieu bakal hirup ngan dina kayaan anu geus maneuh, upamana saré,” ceuk Dr. Andri.

Dina waktu ngabandungan galindeng ayat Al-Quran, uteuk téh ngalaman rilésasi anu hadé nepi ka saolah-seolah keur aya dina kaayaan saré tibra. Dina kaayaan kieu, sél-sél bakal méré sinyal kana kelenjar dina awak pikeun ngaluarkeun hormon. Kaayaan kieu téh karandapan ku jalma anu keur narima térapi ieu.

Leuwihna ti éta ceuk Dr. Andri, sagala perkara anu dipigawé kalawan mayeng jeung dikeureuyeuh bakal nimbulkeun éfék hipnosis. Dumasar kana kamampuh ngaronjatkeun daya tahan naracoba ku bacaan Al-Quran, ku Dr. Andri ogé dicobaan dina panalungtikan widang komunikasi kedokteran gigi. Dina ieu panalungtikan, Dr. Andri kabagéan ngolah data frékuénsi jeung spéktrum sora dina waktu éta kecep-kecap hipnosis diucapkeun ka naracoba, sarta réspon uteukna (rekaman elecro-encephalogram) kana hipnosis.*

Warta ti: Arief Maulana