Prof. Dr. Willyanti S. Syarief., drg., Sp Ped. KGA (K)., “Kondisi Huntu jeung Baham Nu Keur Kakandungan téh Mangaruhan kana Kaséhatan Utun Inji”

[Unpad.ac.id, 31/10/2016] Réa jalma anu tacan ngarti yén miara huntu jeung baham barudak téh perlu soson-soson ti keur leutik kénéh. Padahal, kacida pentingna ngaraksa jeung ngariksa kana kaséhatan huntu jeung baham dina waktu budak laleutik kénéh téh ku sabab jadi tetengger kana kaséhatan huntu jeung baham dina mangsa nu bakal kasorang ku maranéhna.

Prof.  Dr. Willyanti Soewondo Syarief., drg., Sp Ped. KGA (K). (Potrét kénging: Tédi Yusup)*

Prof. Dr. Willyanti Soewondo Syarief., drg., Sp Ped. KGA (K). (Potrét kénging: Tédi Yusup)*

“Kaséhatan huntu jeung baham barudak anu hadé éta jadi tetengger keur pijagaeunana,” cék Guru Besar Ilmu Kedokteran Gigi Anak Fakultas Kedokteran Gigi (FKG) Universitas Padjadjaran Prof. Dr. Willyanti Soewondo Syarief., drg., Sp Ped. KGA (K).

Numutkeun Prof. Willy, tarékah ngaraksa supaya kaséhatan huntu jeung baham barudak anu hadé kudu geus dikeureuyeuh ti keur dina jero kandungan kénéh, nya éta dina ngararancang pingandungeunana jeung dina waktuna kakandungan. Sabalikna anu keur kakandungan ogé dina saméméh ngandung jeung waktuna ngandung téh kudu getol dipariksa kadokter gigi pikeun ngariksa kaséhatan huntu jeung bahamna.

Prof. Willy nétélakeun, kaséhatan huntu jeung baham nu keur kakandungan téh bakal mangaruhan kana kaséhatan huntu jeung baham utun inji anu baris medal. Lamun huntu jeung baham indunghna teu séhat, upamana gugusina radang atawa huntuna koropok, kuman ti indungna bisa asup ka nu keur dikandungna ngaliwatan bali. Ieu tangtu bisa mangaruhan kana kaséhatan jabang bayi, nu balukarna si utun inji téh kaluron atawa bobot badanna waktu lahir hampang pisan. Pijagaeunana, ku hampangna bobot badan lahir atawa kaluron téh ngabalukarkeun kaséhatan huntuna jadi goréng, saperti kakurangan kalsifikasi nu matak ngoropokan huntu, jeung hipoplasia (parobahan susunan huntu).

“Jadi nu keur kakandungan téh kudu diraksa jeung diriksa kaséhatanana supaya ulah nepi ka ngalahirkrun orok kaluron atawa bobot badanna kurang. Supaya huntu budak urang engkéna hadé,” cék Prof. Willy anu ayeuna nyepeng kalungguhan Kepala Departemén Ilmu Kedokteran Gigi Anak FKG Unpad.

Salian ti éta, lamun huntu indungna keueuseun, komo deui réa nu koropok, kuman ogé bakal pindah ka orokna anu kakara brol. Prof. Willy ogé nyebutkeun yén indung anu geus boga kabiasaan hadé dina ngarakisa kaséhatan huntu jeung bahamna biasana bakal nurunkeun kabiasaan anu hadé ka anakna, pon kitu deui sabalikna.

“Indung anu gampang katerap keueuseun, bakal mangaruhan kana kaséhatan huntu budak ogé bakal ngalaman anu sarua. Lantaran biasana katépaan tina kuman, jeung ku tina kabiasaan,”cék Prof. Willy.

Lamun orokna lahir jeung bobot badan lahirna kurang atawa kaluron, Prof. Willy ogé méré kamandang supaya éta budak dibawa ka dokter gigi di mana huntuna geus mimiti jadi. Ieu téh minangka tarékah keur ngurangan huntu keueuseun.

Pikeun nyegah katerapna kasakit huntu jeung baham, indung atawa calon indung téh kudu mangarti dina ngaraksa ngariksa kaséhatan huntu jeung bahamna. Dina umur kakandungan nincak genep bulan, Prof. Willy ogé méré saran ka nu kakandungan supaya ngadahar multivitamin anu ngandung fluor. “Supaya huntu anakna bisa kariksa tina keueuseun,” pokna.

prof-wiliyanti-fkg-2-tediOrok anu kakara brol ogé bisa langsung kanyahoan pibakaleun keueuseun atawa parobahan susunan huntuna. Ieu bisa katangén diantarana tina bobot badan lahir orok, jeung naha aya malnutrisi henteu dina waktu dikandungna. Salian ti éta, indung nu kakandungan anu mindeng katerap muriang panas nyebrét bisa ngaganggu kana jadi jeung mekarna huntu anakna. Pangaruh anu séjénna nya éta pangasilan kolotna anu kurang tina UMR.

“Ditingali tina faktor nu opat sanajan huntuna can jadi. Sabaraha bobot badan lahirna, kumaha kaayaan indungna basa kakandungan, naha bobot badan lahir anu kurangna téh dibarengan ku gangguan nutrisi waktu keur dikandungna, jeung naha pangasilan kolotna sahandapeun UMR. Urang geus aya skor sorangan pikeun nangtukeun yén kamungkinana sababaraha persén pikeun huntuna anu hadé, sabaraha persén anu huntuna goréng,” cék Prof. Willy.

Sabada orok lahir, sanajan teu boga kamungkinan keueuseun, lain hartina perhatian kana kaséhatan huntu budak jadi hal anu teu penting deui. Ku kituna, perlu disingkahan sababaraha kabiasaan goréng anu bisa ngabalukarkeun keueuseun jeung parobahan susunan huntu, saperti nginum susu tina dot dina waktu anu lila, utamana lamun nepi ka bari saré jeung teu kungsi kekemu atawa ngosok huntu heula. Ari kabiasaan goréng séjénna anu ngabalukarkeun robahna kamekaran beungeut jeung caréham nya éta kabiasaan ngenyotan ramo keur budak umur leuwih ti 4 taun, ngarénghap tina baham, jeung ngégélan kuku.

Prof. Willy nyebutkeun yén sanggeus nginum susu, kaasup nyusu, leuwih hadé baham budah téh diberesihan. Lamun tacan jadi huntu, anu diberesihkeun téh nya éta gugusi maké kaén kassa atawa penyéka kapas jeung cihaneut. Lamun budak geus jadi huntu, bisa langsung diberesihan maké penyéka kapas atawa sikat gigi orok.

“Jadi meresihan baham budak téh ulah ngadagoan huntuna loba. Leuwih hadé ti saméméh jadi huntu,” cék ieu istri anu lahir di Bandung, 18 Désémber 1954 téh.

Prof. Willy ogé manghanjakalkeun réa kénéh kolot anu nyapirakeun keueuseun. Padahal, keueuseun téh matak ngabahayakeun. Lamun keueuseun teu sagancangna diubaran, kasakit téh bisa nepi kana jaringan sara, nepi ka jaringan handapeunana. Budak ogé bisa katerap nyeri huntu, gugusi bareuh, atawa kasakit huntu jeung baham séjénna. Lamun geus nyeri, budak bakal hésv dahar, ngomong, saré, nepi ka nurunkeun kualitas hirup si budak. Salian ti éta, budak ogé bisa jadi coplok huntu budakna saméméh waktuna, jadi bisa mangaruhan kana susunan huntu anu pageuhna.

“Lamun huntu-huntuna geus koropok atawa nunggul, jeung teu buru-buru diubaran, éta bisa jadi sumber inféksi. Jadi sumber inféksi panyakit séjén, saperti radang otak, radang jantung, bisa ogé kana ginjal, kulit, kabéhanana,” pokna.

Huntu budak ogé bisa katerap keueuseun leuwih gampang ti batan pageuh, lantaran huntu budak mah jaringanana leuwih ipis jeung tacan kuat jiga huntu pageuh. Ku kituna, Prof. Willy ogé nandeskeun yén anu jadi kolotna ulah rék ngantep kana huntu budak anu keueuseun.

“Huntu budak téh tong dianggap teu sapira sabab éta jadi padoman keur huntu pangeuhna,” pokna nandeskeun.*

Warta ti: Artanti Héndriyana / eh