Sajarahna

Univérsitas Padjadjaran atawa anu kasohor Unpad téh salah sahiji paguron luhur negri nu aya di Indonésia. Ari Unpad téh diadegkeunana dina tanggal 11 Séptémber 1957, anu harita mah kampusna di Bandung kénéh. Kiwari, Unpad geus jadi Paguron Luhur Negri Badan Hukum. Palaturan Pamaréntah Nomer 80 Taun 2014 ngeunaan Ditetepkeunana Unpad minangka Paguron Luhur Negri Badan Hukum téh ditandatangan ku Présidén RI, Susilo Bambang Yudhoyono dina tanggal 17 Oktober 2014. Sabada kaluar aturan nu éta, torojol deui Palaturan Pamaréntah Nomer 51 Taun 2015 ngeunaan Statuta Univérsitas Padjadjaran anu ditandatangan ku Présidén RI, Joko Widodo dina tanggal 22 Juli 2015.

Paguron Luhur Badan Hukum ieu kasebut dina Undang-undang Nomer 12 Taun 2012 ngeunaan Pendidikan Tinggi. Dina pasal 65 Undang-undang ieu ditétélakeun, urusan rumah tangga atawa otonomi paguron luhur bisa dipasrahkeun ku mentri ka Paguron Luhur Negri ku cara dipilih dumasar kana ajén gawéna éta paguron. Wangun otonomi paguron luhur anu dipaké téh nya éta pola Pengelolaan Keuangan Badan Layanan Umum (PK BLU) atawa PTN Badan Hukum. Unpad geus ngalaksanakeun otonomi PK BLU ti tanggal 15 Séptémber 2008, sarta ayeuna geus narima pancén pikeun ngaronjatkeun otonomi jadi PTN Badan Hukum. Kapercayaan ti pamaréntah anu masrahkeun papancén ka Unpad jadi PTN Badan Hukum téh minangka“buah” perjoangan sakumna ais pangampih Unpad dina ngaheuyeuk tur ngawangun ajén-inajén jeung kaunggulan para mahasiswana di tatar nasional jeung internasional.

Dina taun 1950-an di Bandung, saenyana geus aya paguron luhur saperti Fakultas Téknik jeung Fakultas MIPA minangka bagian ti Univérsitas Indonésia (UI) jeung Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (PTPG). Ngan baé réa pisan urang Sunda anu ngarep-ngarep ngadegna univérsitas negri anu ngayakeun atikan pikeun rupa-rupa widang élmu. Pamaréntah daérah jeung pamaréntah nagara harita satékah polah ngusahakeun kana perluna ngadegkeun univérsitas negri di Bandung, utamana mah sanggeus kota Bandung kapeto mangku karia pikeun Konferénsi Asia Afrika dina taun 1955.

Ku kituna, dina tanggal 14 Oktober 1956 diadegkeun heula Panitia Pembentukan Univérsitas Negeri (PPUN) anu tempatna di Balé Kotapraja Bandung. Dina rapat anu kadua tanggal 3 Désémber 1956, PPUN ngawangun hiji utusan anu réngrénganana nya éta Prof.Muh. Yamin, Mr. Soenardi, Mr. Bushar Muhammad, jeung sababaraha urang inohong Jawa Barat séjénna. Ari pancén anu dipasrahkeun ka ieu utusan téh nya éta nepikeun harepan rahayat Jawa Barat pikeun ngadegkeun univérsitas negri di Bandung ka Pamaréntah, DPR Kabupatén jeung Kota Besar Bandung, Gupernur Jawa Barat, Présidén UI, Pupuhu Parlemén, Mentri PPK, jeung Présidén Républik Indonésia.

Ieu utusan geus hasil ngalaksanakeun pancénna. Pamaréntah ngaluarkeun SK Mentri PPK No. 11181/S tanggal 2 Fébruari 1957 anu putusanana ngawangun Panitia Negara Pembentukan Univérsitas Negeri (PNPUN) di Kota Bandung.

Dina tanggal 25 Agustus 1957 diwangun deui Badan Pekerja (BP) tina PNPUN téa anu dipupuhuan ku R. Ipik Gandamana, Gupernur Jawa Barat. Tujuan diadegkeunana BP téh nya éta pikeun marajian lahirna univérsitas negri téa. Hasil tina BP ieu nya ngadeg Univérsitas Padjadjaran (Unpad) meneran poé Rebo tanggal 11 Séptémber 1957, anu dikukuhkeun dina PP No. 37 Taun 1957 tanggal 18 Séptémber 1957 (Lembaran Negara RI No. 91 Taun 1957).

Laju, dumasar kana SK Mentri PPK No. 91445/CIII tanggal 20 Séptémber 1957, status jeung pancén BP dirobah jadi Présidium Unpad anu diistrénan ku Présidén RI tanggal 24 Séptémber 1957 di kantor Gupernuran Bandung.

Kecap “Padjadjaran” téh ngalap tina jenengan Karajaan Sunda, nya éta Karajaan Pajajaran anu diratuan ku Prabu Siliwangi atawa Prabu Guru Déwataprana Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran (1473-1513 M). Nya jenengan ieu anu sumawur ngawawangi, hirup-hurip dina jajantung rahayat Jawa Barat, lantaran kamashur raja adil palamarta di antara raja-raja anu kungsi jumeneng di tatar Sunda harita.

Nalika ngadegna, Unpad téh kakara diwangun ku 4 fakultas: Fakultas Hukum dan Pengetahuan Masyarakat, Fakultas Ékonomi (duanana ti Yayasan Univérsitas Merdéka di Bandung), Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan (FKIP, robahan ti PTPG di Bandung), jeung Fakultas Kedokteran.

Dina tanggal 18 Séptémber 1960, dibuka deui Fakultas Pendidikan Jasmani (FPJ) minangka robahan tina Akadémi Pendidikan Jasmani. Dina taun 1963-1964, FPJ jeung FKIP misah ti Unpad sarta macakal sorangan jadi Sekolah Tinggi Olah Raga jeung Institut Keguruan & Ilmu Pendidikan (IKIP) anu ayeuna jadi Univérsitas Pendidikan Indonésia.

Dina jero 6 taun téh, di lingkungan Unpad geus nambahan 8 fakultas nya éta: Fakultas Sosial Politik (ngadeg 13 Oktober 1958, anu ayeuna FISIP), Fakultas Matématika & Ilmu Pengetahuan Alam (FMIPA, ngadeg 1 Novémber 1958), Fakultas Sastra (ngadeg 1 Novémber 1958, ayeuna jadi Fakultas Ilmu Budaya), Fakultas Pertanian (Faperta, ngadeg 1 Séptémber 1959), Fakultas Kedokteran Gigi (FKG, ngadeg 1 Séptémber 1959), Fakultas Publisistik ( ngadeg 18 Séptémber 1960, ayeuna jadi Fikom), Fakultas Psikologi (FPsi, ngadeg 1 Séptémber 1961), jeung Fakultas Peternakan (Fapet, ngadeg 27 Juli 1963).

Taun 2005, Unpad muka deui 3 fakultas anyar nya éta Fakultas Ilmu Keperawatan (FIK, ngadeg 8 Juni 2005), Fakultas Perikanan & Ilmu Kelautan (FPIK, ngadeg 7 Juli 2005),jeung Fakultas Téknik Industri Pertanian (FTIP, ngadeg 13 Séptémber 2005).

Dua taun ti harita, Unpad ngaronjatkeun 2 jurusan di FMIPA, nya éta Jurusan Farmasi jadi Fakultas Farmasi  (ngadeg 17 Oktober 2006), sarta Jurusan Géologi jadi Fakultas Téknik Géologi (FTG, ngadeg 12 Désémber 2007).

Geusan ngaronjatkeun kaunggulan univérsitas, dina tanggal 7 Séptémber 1982, Unpad ngadegkeun Fakultas Pascasarjana. Ieu fakultas ngayakeun atikan pikeun tingkat S-2 (Program Magister) jeung S-3 (Program Doktor). Ka béh dieunakeun, Fakultas Pascasarjana robah jadi Program Pascasarjana. Pikeun nyadiakeun lulusan anu parigel dina tingkatan ahli madya, Unpad ogé ngayakeun atikan Program Diploma (S-0) dina sababaraha widang élmu.

Kapamingpinan di Unpad ogé teu weléh ngindung ka waktu ngabapa ka jaman, boh para gegedénna, boh wangun jeung réngréngan ais pangampihna. Kapamingpinan anu munggaran mah wangunna présidium, anu dipupuhuan ku R. Ipik Gandamana, Wakil Pupuhuna R. Djusar Subrata, Girang Serat Mr. Soeradi Wikantaatmadja jeung R. Suradiradja.

Dina tanggal 6 Novémber 1957 anu dibenum jadi Présidén Unpad téh Mr. Iwa Koesoemasoemantri, dumasar kana SK Présidén RI No. 14/M/1957, tanggal 1 Oktober 1957 sarta disumpah di Istana Negara. Dina nohonan pancénna, Présidén Unpad digondéng ku Senat Univérsitas jeung Girang Serat Prof.M. Sadarjun Siswomartojo, Kusumahatmadja, jeung Mr. Bushar Muhammad.

Ti taun 1963, sesebutan Présidén Univérsitas dirobah jadi Réktor sarta sesebutan Girang Serat Univérsitas atawa Kuasa Présidén dirobah jadi Pembantu Réktor.

Ari anu kungsi jumeneng Réktor Unpad ti mimiti ngadeg tug nepi ka kiwari téh nya éta:

1957-1961: Prof. Iwa Koesoemasoemantri, S.H.
1961-1964: Prof.R.G. Soeria Soemantri, drg.
1964-1966: Moh. Sanusi Hardjadinata
1966-1973: Prof.R.S. Soeria Atmadja
1973-1974: Prof.Dr. Muchtar K., S.H., LL.M.
1974-1982: Prof.Dr. Hindersah Wiratmadja
1982-1990: Prof.Dr. Yuyun Wirasasmita, M.Sc.
1990-1998: Prof.Dr. H. Maman P. Rukmana
1998-2007: Prof.Dr. H. A. Himéndra Wargahadibrata, dr., Sp.An., KIC
2007-2015: Prof.Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA
2015-kiwari: Prof.Dr.méd. Tri Hanggono Achmad, dr.

 

Kampus Jatinangor

Kailhaman ku “Kota Akadémik Tsukuba”, Réktor Kagenep Unpad, Prof. Dr. Hindersah Wiratmadja ngedalkeun alpukahna ngawangun “Kota Akadémis Manglayang” anu aya di suku Gunung Manglayang.

Éta rarancang diancokeun pikeun ngungkulan masalah kampus Unpad anu nyarahcalan di tilu welas tempat, nepi ka matak ripuh dina urusan patalimarga jeung ngalegaan tempatna. Lian ti éta ogé perlu pikeun ngaronjatkeun ajén gawé, ajén lulusan, jeung mekarkeun pangwangunan sarana katut prasarana.

Ti mimiti taun 1977, Unpad naratas nyadiakeun lahan anu kawilang lega sarta dina taun 1979 kakara meunang tempat anu disaluyuan ku nagara dina lahan urut perkebunan Jatinangor.

Dumasar kana Surat Keputusan Gupernur Jawa Barat No. 593/3590/1987, lahan urut perkebunan Jatinangor téh legana 3.285,5 héktar, anu dibagikeun pikeun 7 wilayah. Demi lahan anu diancokeun pikeun mekarkeun kampus Unpad di Jatinangor legana 175 héktar.

Nété tarajé nincak hambalan, Unpad mitembeyan mindahkeun tempat pangatikanana ka Jatinangor ti taun 1983, anu dimimitian ku Fakultas Pertanian. Satuluyna dituturkeun ku fakultas-fakultas séjénna. Dina tanggal 5 Januari 2012, gedong Réktorat Unpad resmi pindah ka Kampus Jatinangor.